Cinta Parabola

Kapan cinta anu suci
Tigin jangji milih hiji
Cinta sanés parabola
Gunta-ganti, pilihan ka mana-mana

Kapan asih kedah nyata
Haté teguh mikacinta
Cinta modél jarak jauh
Kadang kala hasilna teu pararuguh

Cinta parabola, saliwatan tinu bagja
Cinta parabola, bisa pindah-pindah rasa
Anteng kumalayang kawas heulang
Mébér jangjang, néang nu kabandang

Sing ati-ati, ah
Tong sologoto, ah
Ulah pédah ulin langit
Haté gancang ngait

Sing ati-ati, ah
Tong sologoto, ah
Méméh resmi rék narima
Téang heula pribadina

Sing ati-ati, ah
Tong sologoto, ah
Ulah pédah ulin langit
Haté gancang ngait

Sing ati-ati, ah
Tong sologoto, ah
Méméh resmi rék narima
Téang heula pribadina

Kapan cinta anu suci
Tigin jangji milih hiji
Cinta sanés parabola
Gunta-ganti, pilihan ka mana-mana

Cinta parabola, saliwatan tinu bagja
Cinta parabola, bisa pindah-pindah rasa
Anteng kumalayang kawas heulang
Mébér jangjang, néang nu kabandang

Sing ati-ati, ah
Tong sologoto, ah
Ulah pédah ulin langit
Haté gancang ngait

Sing ati-ati, ah
Tong sologoto, ah
Méméh resmi rék narima
Téang heula pribadina

Sing ati-ati, ah
Tong sologoto, ah
Ulah pédah ulin langit
Haté gancang ngait

Sing ati-ati, ah
Tong sologoto, ah
Méméh resmi rék narima
Téang heula pribadina



Credits
Writer(s): Alik Ababil, Aziz Thalib, Evieta, Friez Arsudi, Imam S. Arifin, Muchtar B, Nano S., Yabdu Mj
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link